Sundana urang dangdeur

Sundana urang dangdeur Contact information, map and directions, contact form, opening hours, services, ratings, photos, videos and announcements from Sundana urang dangdeur, dangder, Garut 1.

01/07/2020

Rek ngeluh tapi teu boga kasusah
Piraku kudu ngider ka lemur2 neangan ka susah

05/11/2017

KEDAH DI GALAKEUN DEUI NADHOMAN TAREKH NABI Muhammad SAW ;

*NABI URANG SAREREA*

1

Nabi urang saréréa,
Kangjeng Nabi anu mulya,
Muhammad jenenganana,
Arab Kurés nya bangsana.

2
Ramana Gusti Abdullah,
Ibuna Siti Aminah,
dibabarkeunana di Mekah,
wengi Senén taun Gajah.

3
Robiul awal bulanna,
tanggal kadua belasna,
April bulan maséhina,
tanggal kadua-puluhna.

4
Ari bilangan taunna,
lima ratus cariosna,
tujuh puluh panambihna,
sareng sahiji punjulna.

5
Siti Aminah misaur,
waktos babarna kacatur,
ningal cahaya mani ngempur,
di bumina hurung mancur
Babar taya kokotoran
Otok tos kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
Sarta harum seuseungitan
6
Parangina Kangjeng Nabi,
jatnika pinuh ku puji
pinter tur gedé kawani,
sabar nyaah ka sasami.

7
Keur opat taun yuswana,
diberesihan manahna,
nabi dibeulah dadana,
malaikat nu meulahna.

8
Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana,
ngeusikeun kana manahna,
elmu hikmah sapinuhna.

9
Tuluy dada Kanjeng Nabi,
gancang dirapetkeun deui,
sarta teu ngaraos nyeri,
dicap ku Hotami Nabi.

10
Rama Nabi kacaturkeun
pupusna kacarioskeun
basa Nabi dibobotkeun
dua sasih kaunggelkeun

11
Kagenep taun yuswana
ditilar pupus ibuna
Nabi dirorok eyangna
Abdul Mutalib asmana

12
Kersana Rabbul’alamin
Kangjeng Nabi nu prihatin
yuswa dalapan taun yakin
éyangna mulih ka batin

13
Sabada wapat éyangna
Nabi dirawat pamanna
Abi Talib kakasihna
sadérék teges ramana

14
Kangjéng Nabi sering pisan
dicandak ka Nagara Sam
sok nyandak barang dagangan
di dinya téh pajeng pisan

15
Kacatur di éta nagri
loba pandita Yahudi
sareng pandita Nasrani
nu tepang jeung Kangjeng Nabi

16
Sadayana sasauran
ieu jalmi mo nyalahan
pinabieun ahir jaman
Torét, Injil, geus ngiberan

17
Sipat Nabi panganggeusan
aya di anjeunna pisan
harita loba nu iman
ka Nabi ngangken panutan

18
Karesepna Kangjeng Nabi
ka Gusti Allah ngabakti
di Gunung Hira maranti,
ibadahna saban wengi.

19
Di dinya jol kasumpingan,
Jibril nu nurunkeun Kur’an,
kalawan dawuh Pangéran,
Nabi didamel utusan.

21/10/2016

Sok emut ka jaman baheula ari aya anu pupujian di masjid.. Anu unggelna kie .
>Anak Adam<
Anak adam di dunya ayeuna ngumbara
Hirup anjeun di dunia the moal lila
Anak adam umur anjeun teh ngurangan
Saban poe saban peuting di centangan
Anak adam paeh anjeun te nyarengan
Ku anak salaki jeung babandaan
Anak adam paeh eweuh nu dibawa
Ngan asiwah jeung boeh anu dibawa
Anak adam pasaran teu lolongseran
Saban poe saban peting gegeroan
Anak adam ayena kaluar ti imah
Di garotong dina pasaran tugenah
Aduh bapa aduh ema abdi keeng
Rup kapandang rupkutaneh abdi sien
Anak adam di kubur teh poek pisan
Nu nyaangan di jero kubur teh maca quran

Address

Dangder
Garut 1

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Sundana urang dangdeur posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Contact The Business

Send a message to Sundana urang dangdeur:

Share