Ngaji Diri

Ngaji Diri Awwalu Wajibin Alal Insan Annadhoro
Kawajiban Mimiti Pikeun Manusa Nya Eta Mikir
(4)

Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala
Hartina :
" Awal –awal Agama eta kudu nyaho heula ka Allooh Ta’ala, sababna pang kudu nyaho heula teh, supaya manusa eunggoning ngalakonan ibadahna syah di tarima amal ibadahna ku Allooh Ta’ala, sabab tadi oge amal teh kudu kalawan ilmu, upama teu kalawan ilmu batal, teugeusna teu jadi, samangsa-mangsa teu jadi tangtu moal aya mangfa’atna pikeun di Akherat ngan u

kur keur di dunya wungkul. Tapi dina hal ilmu mangkade kaliru, ari hartina ilmu teh kanyaho, tapi lain kudu nyaho kana syara, syahna batalna ibadah bae, tapi kudu jeung nyaho (ma’rifat) ka Allooh ka Rosulullooh, sabab eta teh ibarat teumpat atawa gudangna keur piwadaheun amal ibadah urang sarerea, ulah teu puguh sokna. Ibarat lamun di dunya mah ibadah keur ngumpul-ngumpulkeun papaes imah, saperti meja korsi lomari jeung salianna, ari ma’rifat ka Allooh ibarat urang ngaboga'an imah anu pageuh anu geude, nya eta supaya eta barang-barang nu beunang hese cape teh meureunah puguh teumpatna, beutah ngeunah di cicingannana, karana sanajan boga barang loba sarta aralus hargana mahal, upama teu boga teumpat (imahna) rek di mana di teundeunna? Naha rek sina pabalatak di buruan, di pipir-pipir, atuh cicingna oge piraku rek aya kangeunahannana, da meureun kapanasan kahujanan, keur mah teu ngeunah di cicingannana teh, barang-barangna oge tangtu babari ruksak, moal tulus jadi kani’matannana. Komo deui upama urang boga tekad amal ibadah teh keur bawaeun eungke balik ka Akherat, atuh beuki wajib ma’rifatna ka Allooh Ta’ala teh, sabab pikeun teumpat pangbalikan tea. Upama teu di kanyahokeun ayeuna, naha kira-kirana bisa datang eungke kana teumpat asal urang tadi? Kapan dina sakaratul maut mah geus moal aya tanyaeun deui, jeung geus moal boga akal deui ku ngarasakeun kanyeuri oge. Sabab ceuk Hadist upama urang lolong teugeusna teu nyaho ka Allooh ka Rosulullooh ayeuna keur waqtu di dunya, eungkena di Akherat teuteup lolong bae, samangsa-mangsa lolong teugeusna poek di Akherat, atuh beubeunangan urang ti dunya anu beunang sakitu hese cape teh, rek di bawa kamana? Ku sabab teu bisa datang ka Allooh, kana asal urang tadi sarerea, palangsiang babawaan teh bakal di bawa utrak-atrok, di bawa asup ka eunggon Siluman, babawa'an urang di jieun kakaya'an di Nagarana, urang di jieun badegana, ku sabab eta ayeuna urang meungpeung di dunya, kudu ikhtiar kudu di tiung memeh hujan, teugeusna kudu nganjang ka poe pageto, nya eta kudu bisa paeh samemeh paeh, karana lamun teu bisa paeh heula sajeuro hirup, moal nyaho ka Akherat karana nyaho ka Akherat teh kudu bisa paeh heula, kapan ceuk dalilna oge :
Antal mautu qoblal mautu
Jadi geuning Akherat atawa asal urang teh, kudu di kanyahokeun jeung kudu di anjangan ti ayeuna, supaya eungke ulah nyasab deui, paeh pulatat-polotot, jeuba-jeubi, larak-lirik neangan jalan.

Address

Sumedang
Sumedang
45372

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Ngaji Diri posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share